Jieun kalimah tina paribasa ngabuntut bangkong
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda Pakeman Basa
Kelas : - (SD)
Pembahasan :
Paribasa ngabuntut bangkong teh hartina nyaeta nyarita nu teu puguh tungtuna kulantaran teu bener-bener nyaho kana perkara anu keur dicaritakeun.
Conto kalimah anu ngagunakeun paribasa ngabuntut bangkong nyaeta saperti "Eta Mang Sanip kalahka ngabuntut bankong nyaritana teh, boro-boro batur bisa ngarti, manehna sorangan oge henteu ngarti naon anu dicaritakeun teh".
Paribasa teh mangrupa salahsahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kekecapan atawa kalimah nu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge.
Hiji paribasa miboga harti konotatif atawa kiasan jeung harti denotatif atawa saujratna. Salian ti paribasa, rupa-rupa pakeman basa lianna nyaeta saperti babasan, cacandran, gaya basa, kila-kila jeung pamali.