B. Daerah

Pertanyaan

caritakeun eusi kawih tanah sunda ?

1 Jawaban

  • Kawih Tanah Sunda teh nyaritakeun yen Tanah Sunda anu ma'mur, subur tur endah, anu ngajadikeun nu ngumbara betah teh kudu dijaga ku urang Sunda. Urang Sunda anu disebut oge katurunan Pajajaran teh ulah nepi ka poho dina ngajaga kakayaan Tanah Sunda, sabab ari batur mah moal puguh bisa ngajaga kakayaan Tanah Sunda.

    Lagu Tanah Sunda teh kaasup kana lalaguan Sund anu disebut kawih. Aya sawatara lalaguan Sunda nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi nu teu kaiket ku aturan, sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih

    Kelas : XI (2 SMA)

    Kata Kunci : Kawih Tanah Sunda

Pertanyaan Lainnya