naon bedana ingon ingon jeung sato
B. Daerah
aurel177
Pertanyaan
naon bedana ingon ingon jeung sato
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Ingon-ingon nyaeta sato anu dipiara. Sato dina basa Indonesia disebut hewan. Jadi sakabeh ingon-ingon pasti mangrupakeun sato, tapi henteu sakabeh sato mangrupakeun ingon-ingon. Ingon asal kecapna tina ingu. Ingu hartina miara. Ingu sarua hartina jeung ngingu, nyaeta miara. Diingu hartina dipiara. Inguan hartina piaraan. Ingon-ingon sarua hartina jeung inguan, nyaeta piaraan.
Sabenerna anu bisa dipiara nyaeta sato atawa sasatoan jeung tutuwuhan atawa pepelakan, tapi istilah ingon-ingon atawa inguan ngan pikeun ka sato atawa sasatoan wungkul. Ari tutuwuhan atawa pepelakan anu dipiara mah tara disebut ingon-ingon atawa inguan.