B. Daerah

Pertanyaan

Saha anu nyiptakeun lagu Sabilulungan

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Anu nyiptakeun lagu Sabilulungan teh nyaeta Koko Koswara. Koko Koswara atawa atawa anu miboga ngaran panggilan Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917. Mang Koko mangrupakeun seniman Sunda anu geus ngahasilkeun sawatara karyaa seni Sunda. Pagawean atawa profesi Mang Koko teh nyaeta salaku seniman, budayawan, pangajar jeung wartawan.

    Lagu Sunda Sabilulungan anu diciptakeun ku Mang Koko teh kaasup kana kategori lagu Sunda anu disebut kawih. Dina seni Sunda, aya sawatara rupa lagu Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang teh kaasup oge kana karya sastra dina wangun puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa puisi anu henteu kaiket ku aturan, Sedengkeun tembang mangrupa puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

Pertanyaan Lainnya