B. Daerah

Pertanyaan

saha anu dimaksud seuweu pajajaran teh

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Kecap "seuweu Pajajaran" teh diantarana aya dina kawih Tanah Sunda, nyaeta ayana dina pada kadua, saperti anu dituliskeun rumpakana di handap ieu:

    Seuweu Pajajaran
    muga tong kas'maran
    sing tulatén jeung rumaksa
    miara pakaya
    mémang sawajibna
    geten titen rumawat Tanah Pusaka

    Anu dimaksud ku seuweu Pajajaran dina rumpaka kawih Tanah Sunda di luhur teh nyaeta "sakumna urang Sunda". Seuweu teh hartina "anak incu" atawa katurunan. Sedengkeun Pajajaran teh nyaeta ngaran karajaan Sunda Galuh baheula. Ari sabenerna mah anu disebut Pajajaran atawa Pakuan Pajajaran teh nyaeta ngaran ibu kota karajaan Sunda Galuh. Kusabab di daerah Asia Tenggara mah aya kabiasaan yen ngaran ibu kota karajaan teh sok dijadikeun ngaran karajaan, jadi karajaan Sunda Galuh teh disebut karajaan Pajajaran.

Pertanyaan Lainnya