B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun ciri-ciri pupuh maskumambang !

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Ciri-ciri pupuh maskumambang nyaeta watek atawa karakterisktikna ngagambarkeun rasa kanalangsaan, sedih tur nyeri hate. Sedengkeun guru wilangan jeung guru lagu pupuh maskumambang nyaeta 12-i, 6-a, 8-i, 8a. Pupuh maskumambang mangrupa salahsahiji tina 17 rupa pupuh anu aya.

    Pupuh nyaeta patokan atawa aturan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Conto puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta guguritan jeung wawacan.

    Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh.

Pertanyaan Lainnya