naon anu di sebut rumpaka kawih teh?
B. Daerah
destaariyanto6
Pertanyaan
naon anu di sebut rumpaka kawih teh?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kawih nyaeta salahsahiji rupa lagu Sunda. Aya sababaraha rupa lagu Sunda nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Rumpaka kawih nyaeta kekecapan atawa lirik kawih. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupakeun karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih sarua jeung kakawihan, nyaeta puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, kawih bisa disebut wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Sanajan rumpaka kawih henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nganalisa eusi rumpaka kawih. Unsur-unsur anu aya dina kawih nyaeta tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasa, jeung amanat. Jadi ku ngagunakeun unsur-unsur anu aya dina kawih, eusi rumpaka kawih bisa dianalisa.
Tema atawa jejer kawih nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada jeung suasana kawih nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Sedengkeun amanat kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang dtepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.