Naon anu disebut rumpaka kawih teh?
B. Daerah
destaariyanto6
Pertanyaan
Naon anu disebut rumpaka kawih teh?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Rumpaka kawih nyaeta kekecapan atawa lirik nu aya dina hiji kawih. Kawih nyaeta salah sahiji rupa lagu Sunda. Aya sawatara rupa lagu Sunda, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung tembang. Umapama ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Jadi kawih jeung kakawihan mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.
Sanajan rumpaka kawih henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih. Unsur-unsur anu aya dina rumpaka kawih nyaeta unsur jejer atawa tema, unsur nada jeung suasana, unsur rasa, jeung unsur amanat. Tema atawa jejer kawih nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada kawih nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Amanat kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang dtepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.