1.catetkeun rumpaka kawih sunda anu kungsi atawa anu keur populer di masarakat kiwari 2.Sebutkeun eusina, amanatna, sarta kamandang hideo kana eta rumpaka lagu
Pertanyaan
2.Sebutkeun eusina, amanatna, sarta kamandang hideo kana eta rumpaka lagu
pleasee ini buat besokk:(
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
1. Salahsahiji kawih anu dipikawanoh nepi ka kiwari nyaeta kawih Es Lilin. Sanajan kawih Es Lilin teh kaasup kana kawih nu aya dina Jaman Jepang, nepi ka ayeuna kawih Es Lilin mangrupa kawih anu dipikawanoh boh ku urang Sunda boh ku lain urang Sunda. Di handap ieu nyaeta rumpaka kawih Es Lilin :
Es Lilin
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan
2. Anu dicaritakeun dina kawih Es Lilin teh nyaeta saurang wanoja anu mikacinta pisan ka saurang lalaki. Tapi, sanajan manehna mikacinta pisan ka eta lalaki, manehna bisa ngajaga harga dirina, nyaeta henteu wani bareng paduduaan sabab can jadi pamajikan anu geus resmi.
Amanat atawa eusi anu aya dina kawih Es Lilin nyaeta yen hiji wanoja kudu bisa ngajaga harga dirina. Sanajan mikacinta pisan ka hiji jajaka, hiji wanoja ulah sok wani bareng paduduaan jeung hiji jajaka umpama can jadi salaki pamajikan. Hiji wanoja oge kudu miboga rasa kasieun, nyaeta sieun di bawa ka mana-mana ku hiji jajaka anu lain salakina.
Rumpaka kawih Es Lilin siga dina sisindiran, nyaeta aya cangkang jeung aya eusi. Bisa kaciri yen rumpaka kawih Es Lilin mah henteu siga kawih kiwari anu bebas. Kawih Es Lilin rumpakana masih siga sisidniran anu miboga aturan.
Belajar lebih banyak tentang "Kawih" dalam bahasa Sunda di :
brainly.co.id/tugas/382562
brainly.co.id/tugas/3010047
brainly.co.id/tugas/11538576
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih Kelas : VIII (2 SMP) Kata Kunci : Kawih, rumpaka kawih, Es Lilin