B. Daerah

Pertanyaan

naon nu dimaksud kalimah teu langsung jeung sebutken ciri kalimah teu langsung?

1 Jawaban

  • Kalimah teu langsung nyaeta kalimah anu henteu dicaritakeun langsung ku jalma anu nyaritana. Conto kalimah teu langsung nyaeta saperti : Amir nanya ka Budi kunaon Budi henteu sakola. Sedengkeun kalimah langsung nyaeta  kalimah anu dicaritakeun langsung ku anu nyaritana. Umpama dina carita saperti carpon, kalimah langsung sok ditulis atawa dihapit make dua tanda kekenteng ("..."). Conto kalimah langsung Ceuk Amir ka Budi, "Budi, kunaon maneh teu sakola?".

    Ciri anu utama tina kalimah teu langsung nyaeta yen kalimah teu langsung mah miboga sipat anu naratip, nyaeta sipat jeung bentukna naratip. Dina kalimah teu langsung mah henteu pati kaciri sipat-sipat anu ngagambarkeun kaayaan waktu hiji jalma nyarira, saperti tarik launna sora atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu digunakeun waktu nyarita, jeung penjiwaan dina waktu nyarita.

    Sedengkeun umpama dina kalimah langsung mah ciri-ciri anu disebutkeun di luhur, nyaeta lafal, lentong, pilihan kekecapan, jeung penjiwaan dina waktu nyarita, bisa dijentrekeun sacara leuwih jelas ti batan dina kalimah teu langsung. Wangun nyarita atawa ngawangkong anu ngagunakeun kalimah langsung, dina basa Sunda disebutna paguneman. Paguneman nyaeta dialog atawa ngawangkong dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, jeung ngagunakeun kalimah langsung.

    Kusabab pagunneman ngagunakeun kalimah langsung anu bisa leuwih ngajentrekeun suasana dina waktu ngawangkong, wangun pagunemaan cocog pisan pikeun digunakeun nulis naskah drama. Sabab, saperti geus dijentrekeun di luhur, dina paguneman bisa leuwih kaciri lafal, lentong, pilihan kekecapan, jeung penjiwaan waktu nyarita.

Pertanyaan Lainnya