naon nu dimaksud undak usuk basa sunda?
B. Daerah
AbdulAziz2004
Pertanyaan
naon nu dimaksud undak usuk basa sunda?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Undak usuk basa Sunda sarua hartina jeung tatakrama dina basa Sunda. Dina Undak usuk basa Sunda kungsi nepi ka aya dalapan tingkatan atawa ragam basa, nyaeta genep tingkatan basa Sunda lemes jeung dua tingkatan basa loma atawa kasar. Tapi kiwari istilah Undak usuk basa Sunda teh geus sacara resmi diganti ku istilah Tatakrama Basa Sunda. Dina Tatakrama Basa Sunda anu ayeuna mah ngan saukur aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Istilah Undak usuk basa Sunda diganti jadi Tatakrama Basa Sunda kulantaran istilah Undakusuk basa Sunda karasana leuwih feodal ti batan Tatakrama Basa Sunda.
Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu sahandapeun atawa jeung anu geus akrab, saperti jeung babaturan. Dumasar kana sajarah, ayana tingkatan atawa ragam basa dina basa Sunda teh kulantaran pangaruh basa Jawa, waktu karajaan Islam Mataram marentah sabagian wilayah Sunda. Daerah Sunda anu henteu kungsi kapangaruhan ku basa Jawa nyaeta daaerah Banten, sabab dina harita mah daerah Banten teh hentu kungsi kaasup daerah kakuasaan karajaan Islam Mataram. Kusabab kitu, basa Sunda anu aya di daerah Banten sok dianggap rada kasar, padahal anu bener mah basa Sunda Banten teh leuwih asli ti batan basa Sunda di daerah lianna, sabab basa Sunda Banten mah henteu kungsi kapangaruhan ku basa Jawa.