naon nu dimaksud undak usuk basa sunda?
B. Daerah
AbdulAziz2004
Pertanyaan
naon nu dimaksud undak usuk basa sunda?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Undak usuk basa Sunda nyaeta aturan atawa tatakrama dina nyarita basa Sunda anu merenah. Dina undak usuk basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa Sunda lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar.
Tapi kiwari geus sacara resmi ditangtukeun yen dina basa Sunda teh ngan saukur aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Salian ti eta, kiwari mah istilah undak usuk basa Sunda teh geus diganti istilahna nyaeta jadi Tatakrama Basa Sunda. Istilah undak usuk basa Sunda diganti jadi Tatakrama Basa Sunda teh sabab cenah istilah undak usuk basa teh kadengena rada "feodal".