naon hartina ngajaga jeung ngariksa tinu rumpaka kawih kapiraray
B. Daerah
annadiana0505
Pertanyaan
naon hartina ngajaga jeung ngariksa tinu rumpaka kawih kapiraray
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Kawih mangrupa salahsahiji lalaguan Sunda. Aya sawatara lalaguan Sunda, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang oge mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa karya sastra dina wangun puisi anu henteu kauger ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa karya sastra dina wangun puisi anu kauger ku aturan, nyaeta kauger ku aturan pupuh.
Dina puisi biasa digunakeun kecap atawa kekecapan anu sarua hartina tapi beda tulisan atawa kecapna, anu salahsahiji tujuannana nyaeta pikeun mamanis basa, saperti kecap ngajaga jeung ngariksa, atawa kecap jauh jeung anggang, jeung kecap dijugjug jeung diteang, dina mamanis basa "jauh dijugjug, anggang diteang". Dina mamanis basa "jauh dijugjug, anggang diteang", kecap jauh sarua hartina jeung anggang, kecap dijugjug sarua hartina jeung diteang.
Kitu oge kecap ngajaga jeung ngariksa bisa miboga harti anu sarua, sanajan aya saeutik bedana oge. Ngariksa hartina bisa sarua jeung ngajaga. Kecap ngajaga bisa hartina ngajaga jeung miara. Kitu oge ngariksa bisa hartina ngajaga jeung miara. Saperti dina kekecapan "ngariksa basa, ngajaga bangsa". Aya oge kalimah "urang kudu bisa ngajaga jeung ngariksa basa Sunda", atawa aya oge kalimah "urang kudu miara jeung ngariksa basa Sunda".
Kecap ngajaga asal kecapna tina jaga anu hartina bisa "ngajaga" atawa "waktu anu bakal kasorang". Sedengkeun ngariksa asal kecapna tina riksa anu hartia "ngajaga". Kecap ngajaga bisa ngandung harti ngajaga sacara fisik, saperti dina kalimah "pak satpam keur ngajaga sakola", tapi kecap ngariksa henteu bisa dilarapkeun dina kalimah saperti "pak satpam keur ngariksa sakola".